Mangle No. 2158
Kecap Sumedang nurutkeun Legenda nu hirup di kalangan rayat Sumedang asalna tina runtuyan kecap “Ingsun medal ingsun madangan”. Ingsun hartina kuring, medal hartina lahir; mandangan hartina nyaangan, mere panerangan. Harti sagemblengna “Kuring lahir pikeun mere panerangan”. Eta kalimah dikedalkeun ku Prabu Taji Malela, dumasar kana pangalaman aheng Sang Prabu. Caturkeun dina waktu masrahkeun tahta karajaan ka salah sawios putrana anu sohor jenenganna Prabu Gajah Agung nu unggul saembara, aya kajadian nu kacida ahengna. Prabu Taji Malela . ningali kaahengan alam sabudeureun Tembong Agung, langit ngadadak hibar kacaangan ku cahaya anu melengkung lir karembong (malela), tilu poe tilu peuting teu robah jeung henteu pareum-pareum, tetep ngagebur. Ari Sumedanglarang, nu dipake ngaran karajaan, bisa age dihartikeun “Tanah upluk-aplak lega taya babandinganana”. Su hartina alus, medang hartina lega, larang, langka babandinganana.
Nurutkeun historiografi tradisional, Karajaan Sumedanglarang nu perenahna di Leuwihideung Darmaraja teh diadegkeun ku Batara Tuntang Buana, Putra Guru Aji Putih Raja Tembong Agung. Batara Tuntang Buana, anu ngadegkeun karajaan Sumedanglarang saterusna ngagentos jenenganana jadi Prabu Taji Malela. Sabada mundur tina kalungguhan Raja, jenenganana jadi leuwih mashur Resi Cakra Buana.
Ngadegkeun karajaan oge henteu jangji deg, Sang Prabu tapakur tatapa heula nyepi diri nyirnakeun emutan. Tarapti tur tartib pisan. Samemehna, Batara Tuntang Buana ngalalana milari tempat kanggo panumpen, tempat nu sepi, jauh tina karamean duniawi, di dieu Sang Batara kersana langkung neuleuman elmuning Kasumedangan anu diwangun ku 33 pasal. Di satengahing lalampahan milari kanggo panumpen, Batara Tuntang Buana ngalangkung ka gunung Merak, Gununq Pulosari, Gunung Puyuh, Gorowong, Ganeas, Gunung Lingga, jeung tempat-tempat sejenna. Ahirna Sang Batara mendak tempat anu tumaninah, garenah, sepi simpe tebih tina karamean duniawi, ditelahna Gunung Mandala-Sakti. Nya di dieu neuleuman elmu Kasumedanganana teh, ku gentur-gentuma anu ngelmu, tepi ka Gunung Mandala Sakti teh jadi beulah. Awahing ku luhungna elmu ageman Sang Batara, gunung anu beulah teh heug ku anjeunna dibengker (disimpay) ku elmuna. Tug tepi ka ayeuna eta gunung katelahna Gunung Simpay. Sabada tamat neuleuman elmu, Batara Tuntang Buana lungsur ti Gunung Mandala Sakti, nya ahirna ngadegkeun Karajaan Sumedang-larang. Sabada jeneng Raja mashur jujulukna Prabu Taji Malela. Wilayah kakawasaanana ngalimpudan wilayah Jawa Barat ayeuna dikurangan ku Banten, Cirebon jeung Jakarta.
Ari anu disebut Elmu kasumedangan, eta teh nurutkeun salah sahiji sumber, engkena jadi palsapah hirup urang Sumedang. Tapi sumber sejen nyebutkeun, henteu aya saurang age anu mammpuh ngulik Kasumedangan sabab memang sulit pikeun diteuleumanana.
Karajaan Sumedanglarang
Dumasar kana sumber sajarah anu kaasup historiografi tradisional, Karajaan Sumedanglarang sabada diadegkeun ku Prabu Taji Malela taun 900-an, aya age anu nyebut abad ka 15, terus mekar tur nanjung. Prabu Taji Malela digentos ku putrana anu unggul saembara tea, Sang Prabu Gajah Agung. Harita puseur dayeuh karajaan di Ciguling. Gajah Agung digentos ku putrana nu jenengan Sunan Pagulingan anu digentos ku putrana kaleresan istri, jenenganna Ratu Rajamantii anu nikah sareng Prabu Siliwangi, Raja Sunda Pajajaran. Tayohna mah ieu teh perkawinan pulitis sabab saterusna Sumedanglarang jadi bawahan Pajajaran. Ratu Rajamantri digentos ku saderekna nu jenengan Sunan Guling. Raja-raja saterusna nu ngasta kaprabon Sumedanglarang sacara turun tumurun, ti Sunan Guling ka Sunan Tuakan, terus disambung ku Nyimas Ratu Patuakan, Nyimas Ratu Dewi, Inten Dewata (Ratu Pucuk Umum). Sang Ratu Puck Umum ditikah ku Pangeran Santri putra Pangeran Pamekaran. Mangsa harita puseur dayeuh karajaan dialihkeun ka Kutamaya. Sumedanglarang harita ngalimpudan sababaraha “nagari” kayaning Sumedang (inti karajaan), Karawang, Ciasem, Pamanukan, Indramayu, Sukapura, Bandung jeung Parakanmuncang.
Dumasar kana metoda sajarah, bukti-bukti historis ngeunaan ayana raja-raja anu ditataan tadi, pangpangna dina mangsa awal ngadegna karajaan Sumedanglarang, lemah pisan, ngingetkeun teu ayana sumber sejen anu sajaman nu bisa dipake keur pembanding.
Tapi wondening kitu, sahenteuna makam-makam para raja eta teh nurutkeun katerangan rundayanana anu jarumeneng keneh, makamna bisa kapendak di sababaraha tempat. Upamana bae, makam Prabu Taji Malela di Gunung Lingga, makam Prabu Gajah Agung di Ciganting Darmaraja, Sunan Pagulingan sareng Sunan Guling mah di Ciguling, makam Sunan Tuakan di Heubeul Isuk Desa Pasanggrahan. Makam-makam ieu bisa dipake bukti, awal gelama para raja. Keur bukti tambahan, sajumlah pakarang pusaka, nu dipercaya milik para raja tadi, masih di-simpen dimumule di Musieum Prabu Geusan Ulun Sumedang, di antarana Pedang “Ki Mastak’” gagaman Prabu Taji Malela, Keris “Ki Dukun” gagaman Prabu Gajah Agung jeung nu sejen-sejenna deui.
Waktu karajaan Sunda runtag taun 1579, Sumedanglarang jadi karajaan merdeka. Jaman kaprabuan dipungkas ku generasi ka 9 Prabu Geusan Ulun. Geusan Ulun teh putra Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum. Nurutkeun salah sahiji sumber, Pangeran Santri masih rundayan Sunan Gunung Jati ti Cirebon. Ari silsilahna kieu; Sunan Gunung Jati kagungan putra jenengan Pangeran Panjunan anu kagungan putra jenengan Pamelekaran atawa Maulana Magribi nu nikah ka putri Prabu Linggawastu putra Prabu Linggahiang, ti dieu (ahir Pangeran Santri. Jadi, ti pihak rama, Pangeran Santri katetesan getih Sunan Gunung Jati, ari ti pihak ibu tetesan getih
Sumedang. Tapi sumber sejen, Carita Purwaka Caruban Nagari history iografi tradisional Cirebon anu ditulis taun 1720 nyebutkeun, Pangeran Panjunan teh putra sobatna Sunan Gunung Jati nu sohor jenenganna Syaiif Abdurachman, jadi sanes Syarif Hidayatullah. Atawa Sunan Gunung Jati. Ari Prabu Linggawastu raja Pajajaran anu nyakrawati ngabahudenda di Galuh.
Ngadegna Kasultanan Banten
Katerangan sejen anu medar hal ihwal Pangeran Santri, di antarana nye-butkeun, Aria Deamar putra Prabu Brawijaya Raja Majapait pamungkas, anu dijungjung lungguh di Palembang nikah sareng putri Campa (Gina), tapi waktu ditikah ku Aria Damar sang putri teh keur bobot. Orok anu dibabarkeun ku putri Campa mashur jenenganna Raden Patah anu engkena ngadegkeun Karajaan Demak. Ti putri Gina Aria Damar kagungan putra nu jenenganna Raden Kusen anu engkena ngabaktikeun dirina ka Majapait turta ngagem agama Hindu. Raden Kusen dijungjung lungguh jadi adipati di Terung (Surabaya), gelarna Pangeran Pamelekaran.
Sajeroning kitu, Raden Patah raja Islam munggaran di Pulo Jawa sasarengan jeung Pangeran Pamelekaran tea nalukeun Majapait. Sabada peperangan lekasan, Pangeran Pamelekaran angkat ka Cirebon guguru ka Sunan Gunung Jati anu saterusna nikah ka putri Sunan Gunung Jati nu jenengan Nyai putri Mertasari. Pangeran Pamelekaran jeung Putri Mertasari kagungan putra anu dipaparin jenengan Pangeran Santri. Rupa-rupa versi nembrakeun pamanggihna masing-masing ngeunaan Pangeran Santri. Nu poenting nu jenengan Pangeran Santri bener-bener kungsi aya. Jadi jelas, Pangeran Santri teh memang Pangeran, tapi teu dijentrekeun naha disebat Santri. Naha Sang Pangeran teh memang santri nu nyantri (soleh) atawa memang santri teh jenengan Sang Pangeran. Kusabab Pangeran Santri nikah sareng Ratu Pucuk Umum, jadi dianggap Bupati munggaran di Sumedang. Bukti historisna, makam Pangeran Santri ayana di Pasarean Gede Gunung Ciung, Sumedang.
Taun 1526 Sunan Gunung Jati nalukeun Banten Girang anu jaman harita mangrupa kata palabuan Karajaan Sunda anu kacida ramena tur penting. Teu kungsi lila Sundakalapa age palabuan Karajaan Saunda di Jayakarta direbut. Sunan Gunung Jati ngadegkeun karajaan di Banten, waktu Sunan Gunung Jati ngalih ka Cirebon, Karajaan Banten dipasrahkeun ka purana nu mashur Pangteran hasanudin anu saterusna ngalakukeun konsolidasi kakawasaan sakaligus ngamantepkeun agama Islam di patilasan Karajaan Sunda ieu. Taun 1579 putra Maulana Hasanudin nu mashur Maulana Yusuf ngagentos ramana jadi pangawasa Karajaan Banten, ngarebut Karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran. Ku jalan kitu, Karajaan Sunda runtag, sajeroning kitu Sumeanglarang merdeka.
Sabada Karajaan Sunda runtag, Prabu Geusan Ulun nalendra Sumedang- larang, nyoba-nyoba ngagentos kalungguhan Raja Sunda ku jalan ngabewarakeun, wilayah Karajaan Sunda di antara walungan Cisadane jeung Cipamali iwal tri Banten, Jayakarta jeung Cirebon jadi wilayah Sumedanglarang. Eta teh dumasar kana kajadian sajarah dipasrahkeunana Makuta Binokasih ku opat kandaga lante ti Karajaan Pajajaran, Embah Jayaperkosa (Sayanghawu), Terong Peot, Kondang Hapa jeung Nagganan, anu kaamanatan ku Prabu Seda raja Pajajaran pamungkas. Dialihkeunana pusaka hiji karajaan, nurutkeun sistim pamarentahan tradisional, bisa dihartikeun upaya legitimasi pangalihan kakawasaan. Jadi, Geusan Ulun geus nyoba ngalegitimasikeun kakawasaanana ka wilayah Karajaan Pajajaran ku jalan mastikeun jeung ngayakinkeun, pusaka Pajajaran geus dipasrahkeun ka Raja Sumedanglarang. Makuta Binokasih tepi ka ayeuna disimpen di musieum Geusan Ulun Sumedang, (duplikatna sok ditarambut ku para menak Sumedang keur anggoeun panganten, malah waktu Tutut Siti Hardiyanti putra Pa Harto nikah ka Indra Rukmana age makuta Binokasih dianggo ku sang panganten).
Sajeroning kitu, nagari-nagari anu perenahna jauh ti pusat Karajaan Pajajaran, sabada nyarahoeun Banten geus nalukeun Raja Sunda, tingporosot ngaleupaskeun diri. Sumedangarang anu hayang ngaganti posisi Karajaan Sunda kapaksa kudu ngalakukeun konsolidasi deui. Tapi teu mampuh sabab tibabaradug kana rupa-rupa masalah. Kahiji ayana kakawasaan karajaan sejen nu ngepung ti saban madhab. Ti kulon Banten, ti kaler Cirebon, ti wetan Mataram. Banten anu nalukeun Pajajaran moal sukaeun Geusan Ulun ngaganti posisi urut daerah patalukanana.
Lian ti kitu, tindakan Prabu Geusan Ulun ku anjeun dina kalungguhan Nalendra geus ngalemahkeun kakawasa-anana. Caturkeun Geusan Ulun ngadeuheus ka Cirebon guguru ka Panembahan Girilaya ngulik bagbagan kaagamaan malah teu kapameng, Naklwenbdra Sumedanglarang teh leuwih neuleuman Islam di Demak. Ku jalan kitu Cirebon ngarasa diaku Superioritasna sanajan ukur dina widang agama. Ku kituna Cirebon ngaku Geusan Ulun jadi pangawasa Sumedanglarang. Tapi silaturahmi anu hade ngadadak ancur lebur lantaran Geusan Ulun geus milampah kalakuan nirca. Samulihna guguru di Demak, Geusan Ulun sindang di Cirebon, kulem di karaton Pakungwati. Di dieu Sang Nalendra tepang teuteup sareng Ratu Harisbaya garwa Panembahan Ratu anu yuswana geus sepuh. Tina tepang teuteup bet jadi kapentang mamaras manahna ku panah asmara anu geulis Harisbaya, cinta haram, geus henteu bisa disieuhkeun deui, anggur tambah lengket masket. Geusan Ulun nekad nyandak kabur Harisbaya ka Sumedang. Kantenan Sulran Cirebon bendu. Balukarna kajadian perang campuh Sumedang-Cirebon. Geusan Ulun ngalihkeun puseur karajaan ti Kutamaya ka Dayeuh luhur hiji pasir nu anggang ti Kutamaya. Panembahan Ratu mundut bongbolongan ka Sultan Mataram anu parantos ngahadiahkeun Harisbaya terah Pajang-Madura ka anjeunna. Harisbaya ahima dipirak, Geusan Ulun kudu nebus talakna ku jalan masrahkeun Majalengka ka Sultan Cirebon. (Hanca)

![Siena IV (The Tuscany Series) [Explore] Siena IV (The Tuscany Series) [Explore]](http://static.flickr.com/7083/7320391910_8e527775a2_t.jpg)
Komentar Terakhir